Oray Naga di Pasar Tanjungsari - Sumedang


U
nggal poé, unggal minggu, unggal taun, unggal usum, di hareupeun pasar Tanjungsari téh sok aya nu ngantai sarupaning oray naga, mun usum mudik, oray naga éta téh beuki panjang jeung beuki ngedul kusabab oray naga na teu daék ingkah. Tina unggal poé na ogé, utamana poé senén, oray naga éta moal jauh-jauh ti sayang na, Pasar Tanjungsari.
Naha naon oray naga éta téh? Nyéta teu lain mobil jeung motor anu ngaruntuy kusabab kajebak ku macét di jalan raya Tanjungsari-Sumedang.  Jalan raya Tanjungsari-Sumedang téh nyaéta jalan utama anu nyambungkeun Bandung, Sumedang, sarta Cirebon. Kusabab kitu, sakabéh kendaraan anu rék indit ka Cirebon kudu ngaliwatan Pasar Tanjungsari.
Macet anu mindeng lumangsung téh ngabalukarkeun kagangguna aktipitas warga utamana keur isuk-isuk. Komo deui siswa-siswi nu rék indit sakola ti wewengkon Jatinangor jeung sakurilingna, kusabab sanajan indit nyubuh gé pasti kapegat macét di Pasar Tanjungsari.
Ayana oray naga di Pasar Tanjungsari téh lain kusabab aya si komo ngaliwat, tapi ayana macét di Pasar Tanjungsari disebabkeun ku volume kendaraan anu teu sabanding jeung lega na jalan.
Urang ogé teu bisa nyalahkeun disiplin supir angkot anu naek-turunkeun muatan di mana waé, atawa pamaréntah daérah anu nempatkeun pasar di gigir jalan utama, kusabab geus saprak jaman walanda yén tipograpi  kapendudukan masarakat Indonésia lobana nuturkeun jalan atawa walungan. Kukituna jalan nu geus diwangun ku pamaréntah walanda bakal rada hésé mun dilegaan sabab geus loba wangunan patén di gigireun jalan.
Pentingna mobilitas anu instan, ngabalukarkeun macét di Pasar Tanjungsari. Dina dasarna mah kabéh jelema ogé hoyong disiplin dina ngagunakeun waktuna. Pikeun ngarojong tujuan éta aya loba cara nu bisa dilaksanakeun. Keur ibu-ibu anu sok balanja di pasar mah biasana make ojég. Mun masarakat nu kira-kira saukur indit-inditan deukeut  biasana maké angkot kitu oge kalayan siswa-siswi anu aya di wewengkon Jatinangor anu nyakola di Tanjungsari atawa Sumedang. Tapi kusabab maké angkot masih kénéh méakeun waktu anu lila, ogé ojég anu teu ekonomis nyebabkeun loba na masarakat leuwih milih pikeun ngagunakeun motor pribadi pikeun ngarojong kagiatana sapopoé.
Dina kanyataannana urang kabéh nyadar yén eweuh anu pantes disalahkeun alabatan sabab musababna macét di pasar tanjungsari. Jadi, keun antepkeun macét Pasar Tanjungsari jadi hiji dinyut kahirupan global masarakat Tanjungsari dina ngarojong kasejahteraan, sarta jadi inspirasi-inspirasi pikeun pujangga-pujangga ngora anu baris narjamahkeun kamacétan pasar tanjungsari jadi sapada harti pikeun ngarojong kahirupan anu leuwih alus, jeung jadi samara carita pait, amis, sarta lada pikeun urang kabéh.

Comments

Post a Comment

Popular posts from this blog

WARJOK : great place to remember

pengalaman ke Giggle Box jatinangor

Sumedang Larang