Nista Maja Utama

NISTA MAJA UTAMA
Ku: Saliara
Pas Simkuring kelas 1 SD kènèh, lanceuk Simkuring kelas 3 SD. Simkuring jeung lanceuk tèh sa SD. Ai lanceuk simkuring mah karesepna tèh ulin. Unggal balik sakola tèh tara langsung ka imah, tapi ngabur heula aya kateun Nini di SS atawa kateun incu na Mang Engkos tukang kurupuk di Banyumukti.
Imah Simkuring leutik jaba mencil jauh ti sasaha jeung teu boga tatangga. Ai cicing waè diimah tèh puguh bosen. Mun balik sakola kuring mah tara kamamana da sieun ku culik. Balik sakola tèh Simkuring mah diturunkeun ku mobil jemputan di palebah Bank Nusamba deukeut pasar, tuluy Simkuring kudu leumpang deui ngaliwatan guha jepang. Sanajan makè mobil jemputan gè da moal bisa dianteur tepi ka hareupeun imah. Teu kabayang Simkuring ti sakola TK kènèh gè geus nikreuh sakitu jauhna unggal poè.
Ai Umi jeung Abah mah pagawèannana tèh teu eureun-eureun. Indit subuh balik peuting, matak kitu gè Simkuring jeung lanceuk disakolakeun tepi ka sorè, itung-itung mihapèkeun budak. Ai budak aya naon-naon di sakola mah Umi jeung Abah geus moal ngurusan deui da geus jadi tanggung jawab sakola.
Harita mah Simkuring keur halorèam diajar. Pas keur pelajaran matèmatika Simkuring tèh ngabandungan mah ngabandungan, tapi da teu ngarti-ngarti. Simkuring tèh nanyakeun wèh ka babaturan, lainna dibèjaan ku manèhna tèh, Simkuring malah di hina.
“ih, Sol kamu mah bodo ngerjain gini aja ga bisa”
Mun nyaho Simkuring rèk dihina kitu mah, sanajan galak gè daripada di hina mah Simkuring mending nanyakeun ka Ibu Guru. Ai mimiti na mah kuring tèh atoh asa diperhatikeun ku guru. Tapi dasar wè Simkuring geus diajarkeun kieu kitu gè, ai kana matematika mah da teu ngarti-ngarti. Simkuring gè jadi bosen, pangpang na harita tèh geus bèl istirahat, Simkuring masih kènèh ngutek teu uget-uget na soal matematika. Simkuring bosen, Ibu Guru gè bosen, meureun ceuk na pikir si Ibu Guru naha aya budak bet belet-belet teuing. Simkuring geus hayang istirahat tapi teu meunangeun kaluar ku si Ibu na saacan bisa ngarengsèkeun kabèh soalna.
Kusabab kabèh babaturan Simkuring geus balèrès, tinggal kuring hungkul tungkul di jero kelas. Simkuring rurat rèrèt ka luar, batur mah geus barang dahar geus lulumpatan. Kusabab teu anggeus-anggeus Simkuring diciwit ku Ibu Guru.
“ai kamu yang gini aja ga bisa ngerjain!” Simkuring soak pisan jaba meni nyeri, tungtung namah kuring tèh ngomong,
“bu atuh da pengen istirahat” Simkuring ngomong bari jeung ceurik ngagukguk.
èta mah nyaan derita batin Simkuring baheula. Simkuring mah geus wè di panon guru jeung babaturan tèh jadi jelema belet maksakeun sakola. Simkuring jadi teu resep ka diri sorangan, hayang tèh jadi batur wè. Baè gorèng patut gè lah nu penting mah teu di margin keun ku nu sèjèn. Simkuring nyaanan teu istirahat poè èta, tepi ka asup kana pelajaran nu sèjen.
Simkuring kakarak balik ti sakola. Hatè Simkuring nyeri, panon ogè baleureum sabot ceurik di sakola. Simkuring sedih pisan, jaba euweuh nu maturan euweuh nu ngajak ngomong. Simkuring ngan cicing bari ngabatin “naha hirup tèh meni asa beurat sabeulah.”
Di Imah ogè Simkuring ngan ngalamun dina tètècèan deukeut dapur. Nini kakara balik ti kebon masih kènèh makè dudukuy jeung awakna jibrug ku kèsang, tuluy disusut ku tungtung sampingna. “Si Nèng udah pulang! Teu salam heula?” kitu ceuk Nini rada mamalayuan kusabab Simkuring tèh baheula mah teu biasa makè basa sunda di imah. Nini tuluy nyicikeun cai kana gelas rot diinum ku manèhna bari nyidik-nyidik Simkuring nu tuluy ngalamun teu ngabandungan Nini. “Kunaon? Tos ceurik? Dong kray atuh Nèng, dong krai” sabenerna mah Nini tèh ngarti basa ingris da baheulana pernah di ajar di Sakola Rakyat, ngan pèdah ningali Simkuring sedih wè, jadi ngomong na diapi-api teu bisakeun.
Naon waè nu kaalaman ku Simkuring rèk sedih, rèk gumbira Simkuring mah leuwih milih teu ceurik, komo deui mun hareupeun batur mah. Sakitu lobana nu ku Nini tanyakeun ka Simkuring, tapi ku Simkuring teu dijawab hiji-hiji acan, tapi tungtungnamah Simkuring ngomong, bari jeung pohara pisan kaciri maksakeun makè basa sunda na “ tadi tèh Nèng engga istirahat, da dimarahin guru pèdah teu bisa ngerjain matematika” Simkuring ngomong bari jeung tungkul kusabab Simkuring apal panon geus cirambaian. Da kumaha atuh sanajan Simkuring leuwih milih teu ceurik da ari sedih-sedih teuing mah Simkuring gè tungtungna mah ceurik.
Nini nyokotan piring kotor rek tuluy gègèroh. Leungeun indung mah da teu pernah eureun digawè. Tuluy Nini ngarti naon nu jadi masalah Simkuring poè èta, kusabab kitu Nini mamatahan “lah, nu kitu mah tong dipikiran, Nèng mah bisa na ogè dina ngagambar jeung nulis. Ai matematika ayeuna teu bisa, nu penting mah Nèng geus diajar sakabisa Nèng! Mun peunteunna gorèng kènèh, nya èta mah kumaha Alloh wè! Rapalkeun nista maja utama, nista maja utama, nista maja utama. Tilu kali” Kitu ceuk Nini, ai Simkuring mah kurang kireung lieur manggihan kecap anyar, “naon ai nista maja utama teh?” Nini tuluy ngawilujengkeun deui dudukuyna, nikreuh deui ka kebon tonggoh bari jeung ngagereyem teu jelas “….poko namah nista maja utama” kitu ceuk Nini bari jeung ngalèos ninggalkeun Simkuring.
Ceuk Simkuring mah omongan Nini tèh pituah pikeun hirup. Nini kuring geus pangalaman pisan salila hirupna, pas jaman walanda gè Nini mah kungsi ngalaman. Euweuh alesan keur Simkuring sangkan teu ngabandungan Nini. Tepi ka ayeuna ogè Simkuring masih kènèh inget kumaha omongan Nini pikeun nista maja utama tèa. Sanajan Simkuring teu apal naon hartina nista maja utama, boh dina pelajaran matèmatika, pisika, atawa kimia mun meunang peunteun gorèng saenggeus ngecapkeun hamdalah, Simkuring ngarapalkeun nista maja utama tilu kali bari tuluy kuring nanya na jero hatè “ai nista maja utama tèh naon harti na?”

***
Rahmah Solehah
XI Ilmu Pengetahuan Alam 3
Griya Jatinangor 2 jln. Palem 12 blok banyumukti no.1 kec. Tanjungsari kab. Sumedang
Kode pos 45362
Jigoku_rs@yahoo.com

Comments

Post a Comment

Popular posts from this blog

WARJOK : great place to remember

pengalaman ke Giggle Box jatinangor

Sumedang Larang