Posts

Showing posts from May, 2011

Nista Maja Utama

NISTA MAJA UTAMA Ku: Saliara Pas Simkuring kelas 1 SD kènèh, lanceuk Simkuring kelas 3 SD. Simkuring jeung lanceuk tèh sa SD. Ai lanceuk simkuring mah karesepna tèh ulin. Unggal balik sakola tèh tara langsung ka imah, tapi ngabur heula aya kateun Nini di SS atawa kateun incu na Mang Engkos tukang kurupuk di Banyumukti. Imah Simkuring leutik jaba mencil jauh ti sasaha jeung teu boga tatangga. Ai cicing waè diimah tèh puguh bosen. Mun balik sakola kuring mah tara kamamana da sieun ku culik. Balik sakola tèh Simkuring mah diturunkeun ku mobil jemputan di palebah Bank Nusamba deukeut pasar, tuluy Simkuring kudu leumpang deui ngaliwatan guha jepang. Sanajan makè mobil jemputan gè da moal bisa dianteur tepi ka hareupeun imah. Teu kabayang Simkuring ti sakola TK kènèh gè geus nikreuh sakitu jauhna unggal poè. Ai Umi jeung Abah mah pagawèannana tèh teu eureun-eureun. Indit subuh balik peuting, matak kitu gè Simkuring jeung lanceuk disakolakeun tepi ka sorè, itung-itung mihapèkeun budak. Ai